Rabu, 02 Desember 2020

Lieur ku Bantuan UMKM

 Mang Atang Lieur ku Bantuan UMKM


Mangsa batur paciweuh narima bantuan, mang atang ngan ukur bisa calangap salila-lila. Aya hawar-hawar beja tapi teu meunang penjelasan nu jentre bari teuing saha atuh nu daek mere penjelasanna oge. 

Seak mang atang nepungan RT, ku RT dituduhkeun ka RW. Seak deui mang atang nepungan RW ku RW dituduhkeun nepungan Kadus. Alahbatan neangan alamat palsu, ceuk mang Atang gerentes batin-na. Bari etateh ngan nunjuk wungkul boro nganteur atawa mere penjelasanmah. Tapi da heueuh deuih boro-boro mere penjelasan manehna ge meureun teu ngarti. Jadi atuh saha ieu nu kudu mere penjelasan rahayat leutik?



Kacaritakeun pedah geus tinggalombrang rame, kakara Kadus mere selebaran eusianeun nu dijeronana teh diantarana kudu aya eusianeun rekening BRI. Mang Atang boro-boro boga rekening/ATM BRI dalah kantor unit na ge teu apal. Komo ATM sieun teuing asup ka ATM ke nyaho-nyaho bisi kalah ditewak disarunatan.

Kusabab dina selebaran aya isian rekening BRI atuh rahayat paciweuh ambreug nyarieun rekening. Poe kahiji teu hasil da teu kabagean nomor antrian sakitu geus nungguan salila-lila, nahan lapar nahan hayang kiih jeung nahan nu sejen-sejena.


Isukna teu antaparah indit ti imah jam satu peuting rek muru kantor BRI, nya haritamah kabagean nomor antrian tapi puluhan ratusan jalma sejenmah angger teu kabagean. Isukna BRI nyaram bari ngabejaan yen teu kudu pahibut nyieun rekening, engke wae ari geus puguh meunang geus puguh aya dina daftaranana cenah. Gustiiii saha deui bae atuh ieu nu salah, padahalmah montong aya eusianeun rekening BRI atuh ari lain mangrupa syaratmah. Puguh rahayat leutikmah reuwas bisi matak teu meunang lamun teu di eusi formulirnamah.

Kadus deui sarua teu apal nyah

pagawe desa deu sarua teu apal nyah

BRI deui atuh ngadon mimitina mere layanan, teu apal deui nyah ...

Mang Atang renghap ranjug, peuting kamarimah kuatka ka kambuh eungapna da eta suak-seak wanci janari tea ...   Cag ke urang sambung deui hehe






Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Lieur ku Bantuan UMKM

  Mang Atang Lieur ku Bantuan UMKM Mangsa batur paciweuh narima bantuan, mang atang ngan ukur bisa calangap salila-lila. Aya hawar-hawar bej...